bdadinfo.com

Soal dan Kunci Jawaban Halaman 69 Bahasa Sunda Kelas 8 SMP/MTs - News

Ilustrasi bahasa Sunda kelas 8 SMP/MTs

Soal Bahasa Sunda Kelas 8 SMP/MTs Halaman 69

Soal bahasa Sunda kelas 8 SMP/MTs halaman 69
Soal bahasa Sunda kelas 8 SMP/MTs halaman 69

Kunci jawaban:

  1. Moal ngejat najan satapak kusabab manehna geus dipasti ku jangji, lamun tacan laksana numpes musuh sarakah nyaeta para penjajah.
  2. Moal balik najan nepi ka palastra, mati di medan jurit.
  3. Nagri Indonesia alus komarana ku ayana Pancasila, berkahna Pancasila nu jadi ageman sakabeh warga nagara Indonesia.
  4. Pupuh “Lemah Cai” teh ngajak urang terus bajoang pikeun Indonesia, ngajak urang ngalarapkeun Pancasila dina kahirupan urang, jeung ngajak urang sauyunan gotong royong pikeun ngawangun lemah cai.
  5. Tatar Sunda katelahna Parahyangan, tanah anu endah tur asri, sarakan urang Sunda, titinggal Pajajaran.
  6. Budaya Sunda teh kudu di mumule jeung di piara (di lestarikeun ku urang sadayana)
  7. Putra Sang Arimbi teh nyaeta Gatotkaca.
  8. Raina putra Sang Arimbi teh nyaeta Pangeran Bimanyu.

Pembahasan:

  1. Maksudna teh moal rek mundur sanajan ukur satapak kusabab manehna geus jangji rek ngalawan jeung numpes musuh sarakah nyaeta para penjajah.
  2. Dina eta guguritan manehma moal balik ngalawan para penjajah sanajan nepi ka palestra atawa gugur di medan perang.
  3. Nagri Indonesia teh alus komarana kusabab ayana Pancasila, nu dijadikeun ageman atawa pedoman pikeun hirup ku sakabeh warga nagara Indonesia.
  4. Pupuh “Lemah Cai” teh ngajak urang terus bajoang pikeun Indonesia, ngajak urang ngalarapkeun Pancasila dina kahirupan urang, jeung ngajak urang sauyunan gotong royong pikeun ngawangun lemah cai.
  5. Tatar Sunda teh katelah atawa terkenal ku sebutan Parahyangan, tanahna anu endah jeung asri, sarakan urang Sunda, titinggal Karajaan Pajajaran, pangwaris ti Prabu Siliwangi.
  6. Budaya Sunda teh ku urang kudu di mumule jeung di piara sangkan bisa tetep lestari.
  7. Gatotkaca teh nyaeta putra Dewi Arimbi.
  8. Rai atawa adina Gatotkaca nyaeta Pangeran Bimanyu.

Guguritan nyaeta mangrupakeun karangan pondok anu disusun make patokan pupuh. Jadi guguritan teh kaasup wangun ugeran teu bebas, da diatur ku patokan pupuh. Pupuh the jumlahna aya 17, nyaeta kinanti, sinom, dangdanggula, asmarandana, magatru, mijil, pucung, pangkur, durma, maskumambang, balakbak, gurisa, gambuh, wirangrong, jurudemung, lambang jeung ladrang.

Pupuh "Lemah Cai" jeung "Tatar Sunda" nyaeta pupuh Durma

sedengkeun Pupuh "Mesat Ngapung" nyaeta pupuh Mijil.

Itulah pembahasan kunci jawaban bahasa Sunda kelas 8 SMP/MTs halaman 69. Semoga bermanfaat.

*) Kunci jawaban ini hanya sebagai referensi belajar dan bersifat terbuka, baik siswa dan orang tua dapat mengeksplorasi jawaban yang lebih baik.

Terkini Lainnya

Tautan Sahabat